“Tukang Asahan” drama lawas, dibukukeun taun 1978, tapi teu leungiteun amanah najan dipéntaskeun jaman kiwari. Komo apan, ieu drama téh euyeub ku palasipah nu kudu dipikiran ku nu lalajo.
Drama “Tukang Asahan” nyaritakeun lalampahan nu dagang batu asahan, nu geus mangalam-alam kukurilingan, tapi teu payu-payu. Gok tepung jeung mahasiswa nu terus milu mangdagangkeun batu asahan. Tukang Asahan jeung mahasiswa, némbongkeun situasi jaman modéren.
Dina lalampahanana, maranéhna tepung jeung rupa-rupa jalma ti jaman nu béda-béda. Aya Sudagar, kudu nyanghareupan pamajikan nu panasbaran, sirik pidik pédah nénjo batur leuwih beunghar. Aya Si Kabayan nu kasohor ngedul taya kadaék, unggal poé paséa jeung pamajikananana, tur kudu nyanghareupan mitoha. Aya deui rombongan ti jaman karajaan, nu nyaritana dikawihkeun (siga Gending Karesmén). Masing-masing jalma ti unggal jaman téa, tuluy tarepung, kalayan tujuan nu sarua: néangan batu asahan pikeun ngaréngsékeun pasualan dununganana.
“Tukang Asahan” ngasongkeun pasualan hirup nu kudu disurahan. Minangka hiji pintonan, ieu drama ngajak seuri (tur dina enas-enasna mah ngajak nyeungseurikeun sorangan), jeung ngajak mikir deuih. Dina ieu drama, unggal jalma najan hirup dina jaman nu béda, saéstuna boga pasualan nu sarua. Batu asahan ukur dipaké simbol keur nyungsi masalah nu saéstuna, nyaéta kumaha urang bisa pikiran jeung kamampuh keur nyanghareupan kahirupan.***(DNS)
http://www.sundanews.com/aos/seratan/1342624086