RSS

Arsip Kategori: Pementasan

Drama “Tanjeur Pajajaran”

cover tanjeur pajajaran

Sinopsis :

TANJEUR PAJAJARAN

Raja Pajajaran anu pamungkas (anu ka VI) nyaéta Prabu Raga Mulya (1567 – 1579) atawa nu kasohorna mah Prabu Suryakancana. Dina kaayaan puseur dayeuh Pakuan nu geus surem, Prabu Suryakancana henteu ngadiukan tahta pamarentahanana di dayeuh Pakuan , tapi di dayeuh Pulasari Pandeglang, sedengkeun dayeuh di puseur dayeuh Pakuan pamarentahanana dipasrahkeun ka Opat urang sénapati sadudulur anu tetep satia ka Pajajaran, nyaéta Jayaprakosa, Adipati Wiradijaya, Kondang Hapa, jeung Pancar Buana.

Carita dimimitian sawaktu opat pangagung Pajajaran (Jayaprakosa, Wiradijaya, Kondang Hapa, Pancar Buana) ngadeuheus Prabu Suryakancana di Pulasari Pandeglang, rék masrahkeun makuta lambang kaagungan Pajajaran. Sabot kitu karajaan Surasowan Banten bagerak ngagempur Pulasari.

Dayeuh Pulasari jeung Pakuan karebut ku Banten. Prabu Suryakancana wafat taun 1579, sedengkeun Jayaprakosa, Wiradijaya, Kondang Hapa, Pancar Buana marubus ka leuweung nu satuluyna ngajugjug Sumedanglarang sarta babakti ka Prabu Geusan Ulun Raja Sumedanglarang.

Raja-raja Pajajaran :

  1. Sri Baduga Maharaja (Prabu Siliwangi) : 1482 – 1521
  2. Prabu Surawisesa : 1521 – 1535
  3. Prabu Dewata Buana : 1535 – 1543
  4. Prabu Ratu Sakti : 1543 – 1551
  5. Prabu Nilakendra : 1551 – 1567
  6. Prabu Suryakancana : 1567 – 1579

Sinopsis

 
3 Komentar

Ditulis oleh pada 2 April 2014 inci Pementasan

 

Tag:

Gambar

Pagelaran Sandiwara Rakyat “Harewos Goib”

Poster Publikasi

Poster Publikasi

Diantosan kana kasumpinganana, hatur nuhun.

 
2 Komentar

Ditulis oleh pada 19 Januari 2014 inci Pementasan

 

Tag: